MajmusSunda News, Kolom Artikel/OPINI, Senin (01/09/2025) – Artikel dalam Kolom Artikel/OPINI berjudul “Prof. R.P. Koesoemadinata: Ti Migas nepi ka Geowisata jeung Geopark Sunda” ini ditulis oleh: Ir. Oman Abdurahman, M.T., dosen PEP Bandung & anggota MAGI-IAGI.
Prof. (Em) Dr. R.P. Koesoemadinata (Prof. RPK), tilar dunya Senén 18 Agustus 2025, leuwih kasohor salaku “Bapak Geologi Migas Indonesia.” Inyana geus nyieun buku-buku babon, saperti Geologi Minyak dan Gas Bumi, oge Sedimentologi (duanana dipake jadi buku bahan ajar di Prodi T. Geologi ITB ti tengahing dekade 1980-an), jeung magnum opusna, An Introduction into the Geology of Indonesia. Karya-karya éta jadi pondasi pangajaran geologi di sakumna tanah air. Tapi dina rantayan perjalanan ilmiahna, aya jalur séjén nu teu dititenan ku balarea, nya eta paniten jeung tapak lacak Prof. RPK dina widang 5G: geodiversity, geoheritage, geoconservation, geotourism, jeung geopark.

Buku Babon jadi Peta Geowisata
Mun dibaca ku kacamata mahasiswa, buku An Introduction into the Geology of Indonesia téh ensiklopédi ngeunaan cekungan, stratigrafi, jeung tektonik. Tapi lamun dibaca ku kacamata geowisata, buku éta siga peta harta karun: unggal bab nyimpen carita lanskap nu bisa dipintonkeun ka wisatawan. Tebing Rajamandala lain ngan témbok kapur, tapi kaca buku bumi ngeunaan laut dangkal ‘deet’ purba. Sesar Sumatra lain ngan garis retakan, tapi luka panjang bumi nu ngahasilkeun dano jeung lembah; landeuh. Ieu téh sabenerna storytelling geologi, jeung Prof. RPK geus nyayagik;un adeg-adeg ilmiahna.
Ekskursi: Ngajarkeun “Maca Batu”
Salah sahiji ciri has Prof. RPK nyaéta resep milu jeung mahasiswa ka lapangan. Inyana teu ngan ngajarkeun kumaha ngukur lapisan, tapi ogé kumaha maca batu jeung narjamahkeunana jadi carita. Ku cara kitu teh, ayeuna mah disebut geowisata: ngajadikeun singkapan batu lain ngan bahan kuliah, tapi jadi pangalaman keur balaréa.
Bandung Raya jeung Gagasan Geopark Sunda
Dina taun-taun panungtung jumenengna, Prof. RPK kacida getolna manggul narasi “Geopark Sunda” pikeun jadi hiji geopark-geopark munggaran di wewengkon Bandung Raya. Anjeunna yakin, cekungan Bandung téh lain ukur pusat kota jeung budaya, tapi ogé museum geologi dunya terbuka. Salah sahiji geosite nu diusulkeun nyaéta Lava Batususun di Ciburial.
Singkapan ieu, hasil panalungtikan bareng muridna Prof. Edy Sunardi, nyimpen rékaman langka: malikkeun polaritas medan magnet bumi ngan dina lapisan batu kira-kira 5 méter, nu ngagambarkeun kurun 7.000 taun. Hal ieu jarang pisan kapanggih di dunya, malah bisa jadi hiji-hijina. RPK sadar yén Batususun henteu ukur penting pikeun élmu, tapi ogé bisa jadi atraksi geowisata kelas dunya.
Sok sanajan aya catetan saeutik ngeunaan ngaran “Geopark Sunda”, anu numutkeun Dr. Asep Kurnia Pemrna, Ketua MAGI, peryogi ditambah kecap “gunung” samemeh kecap “Sunda” (jadi “Geopark Gunung Sunda”), sabab ngaran “Sunda” ogé mangrupa ngaran “budaya” nu ambahan wewengkonna lega pisan, tapi teu ngurangan harti perjuangan almarhum dina widang geopark. Dina raraga ngajukeun ayana hiji geopark di wewengkon Bandung Raya, almarhum nepi ka hadir mingpin tim di kantor Bappenas, Jakarta sataun ka tukang.
Karst, Arkéologi, jeung Budaya
Salian ti migas, RPK ogé nalungtik karst kawas Citatah. Anjeunna ngaitkeun geologi jeung arkéologi, némbongkeun yén batu téh nyimpen tapak kahirupan jeung budaya. Pamarekan ieu saluyu jeung roh geopark: nyambungkeun élmu, lingkungan, jeung masyarakat.
Warisan anu Abadi
Warisan Prof. RPK henteu ngan buku jeung data, tapi ogé sikap ilmiah jeung profesionalisme. Anjeunna sok nekenkeun yén élmu henteu diwariskeun ku jalur kulawarga, tapi ku gawé rohaka jeung dedikasi. Ieu pisan nu kudu dihirupkeun dina geowisata: ngajak jalma pikeun teu ngan nitenan alam, tapi ogé ngarti, ngahargaan, jeung ngajagana.
Pamungkas
Ku kituna, sanajan leuwih dipikawanoh minangka ahli migas, Prof. R.P. Koesoemadinata ogé bisa disebut visionér geowisata jeung geopark. Anjeunna ninggalkeun tapak yén geologi téh henteu saukur pikeun eksplorasi energi, tapi ogé pikeun warisan bumi nu kudu dijaga sarta dipikareueus.
“Wilujeng angkat, Prof, muga caang padang salawasna jalan anu bakal kasorang!”
***
Judul: Prof. R.P. Koesoemadinata: Tina Migas nepi ka Geowisata jeung Geopark Sunda
Penulis: Ir. Oman Abdurahman, M.T. dosen PEP Bandung & anggota MAGI-IAGI
Editor: Chye Retty Isnendes