Nyaba Ka Da Nang Vietnam

Penulis: H. Asep Ramdani, S.S., M.Hum

SMPN 43 Bandung juara kategori Mental Wellbeing/Karaharjaan Mental (Sumber: Asep Ramdani)

MajmusSunda News, Kolom OPINI, Bandung, Jawa Barat, Minggu (6/07/2025) – Artikel dina Kolom OPINI judulna “Nyaba Ka Da Nang Vietnam” ditulis ku H. Asep Ramdani, S.S., M.Hum, Kepala SMP Negeri 43 Bandung.

H. Asep Ramdani, S.S., M.Hum, Kepala SMP Negeri 43 Bandung (Sumber: Asep Ramdani)

Da Nang téh hiji kota nu aya di Nagara Vietnam. Minangka kota wisata, saperti Bali di urang mah.

Ayana di sisi Laut. Sajam satengah ti Ho Chi Minh kana pesawat terbang mah.

Rék naon atuh jauh-jauh nyaba ka Da Nang téh?

Ih, apan Kuring téh minangka mah ngawakilan Indonesia dina kompetisi AIA Healthiest Schools tingkat Regional Asia Pasifik.

AIA (American International Assurance) minangka pausahaan Asuransi Amerika nu puseurna di Hongkong ngayakeun kompetisi sakola sehat.

Di Indonesia mah AIA gawé bareng jeung Kemendikdasmen ngayakeun éta kompetisi.

SMPN 43 Bandung ti taun 2023 jadi sakola sehat nu dibina ku kementerian diusulkeun kana éta lomba.

Unggal sakola kudu mintonkeun salah sahiji tema nyaéta nu patalina jeung sehat fisik, makanan sehat, kesehatan mental jeung lingkungan.

Asep Ramdani, memperoleh Penghargaan AIA Healthiest Schools (Sumber: Asep Ramdani)

SMPN 43 Bandung midangkeun kagiatan nu aya patalina jeung kasehatan mental nyaéta tadarus Alquran, duha, ESQ, Gemari (Gerakan Magrib Mengaji Daring), roots (gerakan anti perundungan) sarta aplikasi BEJAKEUN (aplikasi pikeun ngalaporkeun Bully).

Alhamdulillah tina 4000 sakola SD Jeung SMP nu ngiluan SMPN 43 Bandung juara Kahiji tingkat nasional pikeun tahap SMP.

Pamasrahan hadiah tingkat nasional dilaksanakeun tanggal 30 Mei di Jakarta, sedengkeun juara kahijina SDN Papela ti Rote NTT.

SMPN 43 Bandung juara Kahiji tingkat nasional (Sumber: Asep Ramdani)

Juara Kahiji tingkat nasional meunang hadiah 15.000 US Dollar mangrupa fasilitas sakola jeung jadi utusan Indonesia ka Kompetisi AIA Healthiest Schools (AHS) tingkat regional di Da Nang Vietnam.

Tanggal 2 nepi ka 4 Juli 2025 waktuna Awarding day AHS tingkat regional. Saacanna Tim AIA Indonesia ngaliput heula kagiatan di SMPN 43 Bandung pikeun kaperluan lomba.

Terus Kuring dipénta foto Paspor keur kaperluan tiket, Sagala biaya ditangkes ku AIA kaasup aya uang saku.

Rebo subuh Kuring geus indit ti Imah kana kareta api feeder ti stasiun Bandung ka Padalarang terus naék whoosh nepi ka Halim ti Halim naék Grab ka Bandara Sukarno Hatta.

Asep Ramdani di Bandara Sukarno Hatta (Sumber> Asep Ramdani)

Di ditu geus nyampak opatan nu rék bareng ka Da Nang, demi nu opatan téa, saurang ti SD Papela, duaan ti AIA Indonesia Jeung saurang wartawan Kumparan.

Tumpak kapal ka Ho Chi Minh opat jam-an terus disambung ka Da Nang sajam satengah.

Anjog Ka ditu geus peuting nginep di Hotel Pullman.

Isukan poé Kemis, Isuk-isuk kuring jalan-jalan mapay basisir, rada beurang aya workshop jeung pamilon AHS ti Nagara séjén.

Peutingna kakara acara puncak Awarding AHS.

Asep Ramdani, memperoleh Penghargaan AIA Healthiest Schools (Sumber: Asep Ramdani)

Alhamdulillah ti Indonesia mah duanana jadi juara SMPN 43 Bandung juara kategori Mental Wellbeing (Karaharjaan Mental). Ari SDN Papela mah juara regional.

***

Judul: Nyaba Ka Da Nang Vietnam
Penulis: H. Asep Ramdani, S.S., M.Hum (Kepala SMPN 43 Bandung)
Editor: Asep Ruslan

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *