MajmuSunda News, Garut, 24 Januari 2026 – Dina lalampahan ruhani manusa, teu sakabéh élmu tumiba sakaligus. Aya élmu nu datang kawas kilat—ngagebrét kana kasadaran, tuluy leungit deui tanpa tapak. Aya deui élmu nu tumuwuh laun-laun, ngalapis, ngararangrangan, dironcekeun kalayan taliti, nepi ka ngabentuk pola nu pinuh ku harti. Dina ieu jalan, Asmâ’ “Muqaffâ” maparin pituduh: nyarita ngeunaan panataan, ngeunaan katartiban, sarta ngeunaan prosés kasadaran anu disusun ku hikmah, nepi ka ahirna jadi masyhuud—kanyaho anu kasaksian ku batin sorangan (Chittick, 1989; Ibn al-‘Arabî, 1997.).
Asmâ’ “Muqaffâ” (مقفى) mangrupa salasahiji tina Asmâ’ Muhammad anu jero ku ma‘na. Dina basa Arab, kecap ieu asalna tina akar “q-f-y” (ق-ف-ى), nu sacara harfiah ngandung harti: nyusun sacara runtut, nyambung, sarta rapih. Tina dieu lahir pamahaman ngeunaan katartiban, kasinambungan, jeung kaharmonisan. Muqaffâ lain ngan ukur perkara runtuyan teknis, tapi nyentuh kana kaéndahan struktur anu boga arah jeung tujuan ruhani (Ibn Mandhûr, 1990; Izutsu, 1984). Dina khazanah basa Arab klasik, kecap “qafâ” mindeng dipaké pikeun ngajelaskeun cara nyusun bait-bait sajak. Qasidah anu éndah moal kungsi lahir tina kecap nu paburencay, tapi tina jajaran makna anu dironcekeun ku wirahma, ku sora, ku kasaimbangan rasa. Ku sabab kitu, “Muqaffâ” ngisyaratkeun yén kaéndahan—boh dina basa, dina jagat raya, atawa dina jiwa—salawasna lahir tina katartiban anu disadari (Corbin, 1969; Izutsu, 1984).
Ibna ʿArabi, Syaikh Akbar anu kawentar ku jembar élmuna, maca Asmâ’ ieu jauh ngaleuwihan harti basa wungkul. Pikeun anjeunna, “Muqaffâ” téh lambang prosés kasadaran ruhani anu bertahap jeung berjenjang. Ieu lain saukur ngaran, tapi hiji panglungguhan—stasiun ruhani tempat élmu jeung hakikat dironcekeun kalayan rapih dina jero hate saurang salik. Dina panglungguhan ieu, élmu teu datang sagawayah, tapi ngalir nurutkeun kamatangan batin nu narima (Ibna ‘Arabî, 1997.; Chittick, 1998). Ibna ʿArabî ngedalkeun kieu المقفّى هو الذي يرتّب الحقائق على سُلم من أنوار المعرفة (“Muqaffâ” nyaéta anu nyusun hakikat-hakikat dina tangga cahaya ma‘rifat) (Ibn al-‘Arabî, t.t.). Ungkara ieu ngébréhkeun yén ma‘rifat lain luncatan sakali nepi ka puncak, tapi mangrupa nanjak anu sadar. Unggal undakan mangrupa pangalaman, pamahaman, jeung panyucian batin. Dina ieu karangka, “Muqaffâ” jadi prinsip panataan. Unggal harti aya tempatna, unggal élmu aya waktuna, sarta unggal cahaya boga ukuran nu saluyu jeung daya tampung hate (Nasr, 1989; Morris, 2005).
Pamanggih “Muqaffâ” raket patalina jeung katartiban alam. Jagat raya henteu gerak sacara awut-awutan. Béntang-béntang miboga orbit, peuting jeung beurang silih gentos, mangsa datang nurutkeun wirahmana. Katartiban ieu lain saukur hukum fisika, tapi tanda tina hikmah Ilahi. “Muqaffâ” nyorotkeun katartiban alam ieu kana jero batin manusa, saolah-olah ngingetan sakumaha jagat dironcekeun, kitu deui kasadaran kudu dirapihkeun (Nasr, 1989; Chittick, 1998). Dina tingkat ruhani, “Muqaffâ” nétélakeun yén pangajaran batin sipatna bertahap. Teu sakabéh bebeneran bisa ditarima sakaligus. Hate kudu disiapkeun, dibersihan, dilegaan. Élmu nu datang saméméh waktuna sok jadi beban, lain pencerahan. Ku kituna, “Muqaffâ” ngajar adab ka élmu: narima sakumaha kadarna, ngarti nurutkeun kamampuhna, sarta nyimpenana kalayan aman dina jero hate (Al-Ghazâlî, 1983; Al-Qusyairî, 2002). Inti tina pangluhungguhan ieu nyaéta panataan makna Gusti dina jiwa. Wahyu, ilham, jeung pangalaman ruhani henteu diantep paburencay. Sadayana dironcekeun, diiket, diharmoniskeun, nepi ka ngabentuk pandangan hirup anu gembleng. Dina kaayaan kieu, ayana manusa jadi sinkron, antara waktu jeung rohangan, antara lahir jeung batin, antara lampah jeung harti (Corbin, 1969; Morris, 2005). Ibna ʿArabî sacara teges nyebut “Muqaffâ” minangka panglungguhan tartîb, panglungguhan panataan. Ieu mangrupa tahapan nalika lalampahan ruhani henteu deui réaktif, tapi reflektif. Salik mimiti ngartos runtuyan léngkahna sorangan, mimiti ningali pola-pola Gusti dina kahirupan, sarta sadar yén teu aya kajadian anu sabenerna acak (Ibna ‘Arabî, 1997; Chittick, 1989).
Kaéndahan Asmâ’ ieu beuki katingali nalika hurup-hurupna dibaca sacara simbolik. Unggal hurup jadi pituduh lalampahan batin:
a. Mîm (م) ngalambangkeun materi jeung titik awal; wadah niat tempat ruh mimiti ngalalana dina alam wangun.
b. Qâf (ق) mangrupa panto pangaweruh pangjerona, gerbang qalb tempat rusiah Ilahi ngancik.
c. Fâ’ (ف) ngalambangkeun kabuka, nalika cahaya élmu mimiti sumebar jeung makna mimiti kaungkab.
d. Alif (ا) mangrupa tanda kasatuan, garis lempeng nu ngahubungkeun sakabéh jenjang kasadaran ka Nu Maha Esa (Izutsu, 1984; Chittick, 1998).
Rarangkén hurup ieu lain saukur struktur basa, tapi peta lalampahan ruhani. Ti niat ka hate, ti hate ka cahaya, ti cahaya ka kasatuan. Ieu “Muqaffâ” minangka prosés hirup, lain sakadar konsép pikiran (Nasr, 1989; Morris, 2005). Syaikh Akbar ngagambarkeun prosés ieu ku metafora anu kacida éndahna: “والمقفّى هو الذي ينظم سير المعارف في القلوب كما تنظم الجواهر في العقد” (“Muqaffâ” nyaéta anu nataan lalampahan élmu dina qalb, kawas permata dironcekeun dina kalung) (Ibna ‘Arabî, 1997). Unggal permata miboga wangun jeung warna anu béda, tapi kaéndahan kalung aya dina susunanna. Kitu deui élmu dina hate: pangalaman pait, élmu rasional, jeung intuisi ruhani, kabéh manggihan hartina lamun dironcekeun kalayan bener (Corbin, 1969; Al-Ghazâlî, 1983).
Dina dunya kiwari anu sagalana gancang, ajén “Muqaffâ” karasa beuki penting. Inpormasi ngalir tanpa eureun, tapi hikmah jadi langka. Loba nu apal, saeutik nu ngartos. “Muqaffâ” ngingetan yén nu utama lain lobana élmu, tapi kumaha élmu éta dirapihkeun dina kasadaran (Nasr, 1989; Chittick, 1989).
Dina widang atikan, prinsip “Muqaffâ” bisa jadi pondasi ngabentukan karakter. Atikan lain ukur mindahkeun inpormasi, tapi prosés nataan makna. Dina kahirupan sosial, “Muqaffâ” ngajarkeun harmonisasi: nempatkeun peran, tanggung jawab, jeung nilai dina tempatna. Malah dina téknologi spiritual, ieu prinsip muka jalan pikeun transformasi batin anu bertahap jeung terarah (Morris, 2005; Chittick, 1998). Sanajan kitu, dina ahirna “Muqaffâ” lain ngeunaan sistem di luar diri. Ieu mangrupa panggero pikeun nataan deui rohangan batin sorangan. Nanya ka diri: naha élmu nu dipiboga geus dironcekeun kalayan hadé? Naha pangalaman hirup geus manggihan hartina? Atawa masih paburencay, nungguan dirangkai? (Al-Qusyairî, 2002; Nasr, 1989). Dina ieu titik, konsép “masyhûd” manggihan tempatna. Nalika élmu geus rapih, nalika makna manggihan posisina, kasadaran jadi saksi. Hirup teu ngan saukur dijalani, tapi disaksian. Unggal kajadian jadi ayat, unggal léngkah jadi tanda, unggal pangalaman jadi eunteung ayana Gusti (Ibna ‘Arabî, 1997; Corbin, 1969).
Asmâ’ “Muqaffâ” ngajar yén lalampahan ka ma‘rifat lain lumpat bari buru-buru, tapi leumpang kalayan sadar. Anjeunna nungtun pikeun ngahargaan prosés, mikacinta katartiban, sarta manggihan kaéndahan dina susunan. Dina dunya anu paburencay, Muqaffâ ngajak urang nyusun deui diri—nepi ka ahirna kasadaran ngahiji, jeung hakikat jadi masyhuud (Chittick, 1989; Nasr, 1989). AlLâhumma innâ nushallî wanusallimu ´alâ Sayyidinâ Muqaffâ SAW.
DAFTAR PUSTAKA:
1. A l-Ghazâlî; “Ihyâ’ ‘Ulûm al-Dîn”, Beirut: Dâr al-Ma‘rifah, 1983.
2. Al-Qusyairî, ‘Abd al-Karîm ibn Hawâzin. al-Risâlah al-Qusyairiyyah. Beirut: Dâr al-Kutub al-‘Ilmiyyah, 2002.
3. Chittick, William C. The Sufi Path of Knowledge: Ibn al-‘Arabî’s Metaphysics of Imagination. Albany: SUNY Press, 1989.
4. Chittick, William C. The Self-Disclosure of God. Albany: SUNY Press, 1998.
5. Corbin, Henry. Creative Imagination in the Sufism of Ibn ‘Arabî. Princeton: Princeton University Press, 1969.
6. Ibna ‘Arabî, Muhammad ibn ‘Alî; “al-Futûhât al-Makkiyyah”, Beirut: Dâr al-Fikr, 1997.
7. Ibna Mandhûr, Jamâl al-Dîn. Lisân al-‘Arab. Beirut: Dâr Shâdir, 1990.
8. Izutsu, Toshihiko. Sufism and Taoism. Berkeley: University of California Press, 1984.
9. Morris, James Winston. Ibn ‘Arabi: Heir to the Prophets. Oxford: Oneworld, 2005.
10. Nasr, Seyyed Hossein. Knowledge and the Sacred. Albany: SUNY Press, 1989.
*****
Judul: MUQAFFA “مقفى” — Nalika Élmu Dironceun, Jeung Kasadaran Jadi Saksi
Penulis: NOER Widyadiningrat (Pembelajar Djatirumasa)












