MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Minggu (15/09/2024) – Artikel dalam Kolom OPINI berjudul “Mitembeyan” ini ditulis oleh: Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S., Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan, Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Basa kuring pas inget kana kecap mitembeyan anu dipake judul seratan ieu, da etamah ujug-ujug bae rarasaan teh bray dina sirah kuring pangalaman basa keur budak. Kabeneran kuring mah ti orok beureum keneh di kukut ku buyut, kuring nyebutna Uu Pameget jeung Uu Istri. Nya kuring boga pangalaman anu meureun teu kaalaman ku sa-angkatan kuring anu digedekeun ku indung-bapana langsung. Hiji pangalaman anu moal poho nyaeta mitembeyan.
Kuring bungah pisan lamun geus rek mitembeyan. Harita gawe kuring ngan nunutur Uu Istri da anjeuna kaditu-kadieu teh ngan keur urusan nyadiakeun sagala rupa keur mitembeyan. Anu pasti aya bakakak hayam jalu anu gede, bubur beureum-bubur bodas, pais beunyeur, pais bakatul, sarupaning rurujakan, jeung sajabana deui. Tangtu oge aya parukuyan anu engke siap dihurungkeun bari jeung dipurulukan ku menyan.
Nepi ka ayeuna kuring poho aran tempat keur neundeun sagala rupa susuguh anu disebutkeun tadi. Kuring ngan inget kabeh susuguh diteundeun di jero tempat kawas iimahan. Tempat ieu jeung sagala eusina ditancepkeun di sisi galengan sawah bada ashar dina poe piisukaneun parena rek dipanen. Ari anu mawa eta tempat ka sawah mah nya Uu Pameget.
Kuring sok ngadat upama teu meunang ngilu ka sawah. Nya atuh Uu Pameget sok ngelehan da anjeuna mani ngogo kuring. Uu Pameget jeung Uu Istri geus nyaho yen anu kudu dipisahkeun keur kuring isukan, saecan mimiti pare dipanen, nyaeta pais beunyeur jeung pais bakatul. Teuing kunaon da eta dahareun teh karesep kuring nepi ka ayeuna. Boa-boa rasa kuring geus ngabejaan yen bakatul teh dahareun anu sehat pisan.
Ceuk Kamus Basa Sunda mah mitembeyan teh lain nyieun susuguh kawas anu bray bae datang ka pikiran kuring, tapi hartina ngamimitian. Jadi, anu bakal dipanen ku urang teh moal nyimpang tinu anu kuurang geus dipelak kamari.
Lamun urang nyokot waktu anu leuwih panjang ka tukang, nya anu kuurang kaalaman ayeuna meureun hasil meunang melak karuhun urang baheula. Tapi, lamun urang ayeuna hirup balangsak, lain kuring rek nyalahkeun karuhun urang naha kacida teuing karuhun urang teh nepikeun ka tega nyieun “pepelakan” anu matak urang ayeuna hirup balangsak.
Urang nyanghareupan dua zaman anu beda. Dina dua zaman anu beda eta, supaya gampang kaharti, kuring nyoba nyieun matriks kawas kieu.
Matriks ngahubungkeun zaman baheula jeung zaman ayeuna:
Upama zaman baheula teh sarua jeung zaman karuhun, nya kahirupan zaman baheula jeung zaman baheula cocok pisan. Tapi upama zaman ayeuna urang masih keneh nyenyekel budaya zaman baheula, nya budaya eta bisa disebut geus tingaleun zaman. Tapi aya kamungkinan zaman baheula geus hirup kawas di zaman ayeuna, golongan ieu bisa disebut budayana geus maju saencan zaman ayeuna datang. Tangtu ari hirup zaman ayeuna ngigelan ku cara zaman ayeuna mah meureun anu bisa disebut normal.
Lamun urang rek make matriks di luhur keur ngembangkeun cara saderhana ngeunteung ka zaman keur bisa ngigelan zaman atawa mun bisa mah datang ti heula saencan zamanna datang, jeung ulah aya kajadian tinggaleun zaman, kumaha carana?
Tah di dieu meureun kecap mitembeyan aya tempatna.
Kuring menta dihampura lamun kuring nyebutkeun yen zaman urang ayeuna teh bisa disebut zaman balangsak atawa urang teh tinggaleun zaman. Buktina loba. Tapi nu pang pentingna urang kudu bisa narima bari jeung iklas yen urang teh teu bisa ngurus barudak anu bakal ngeusi zaman anu bakal datang, zaman anu bakal dilakonan ku maranehna.
Naon anu dimaksud di dieu? Stunting! Duka teuing naon ari basa Sunda keur stunting teh. Tapi anu digambarkeun nyaeta barudak anu umurna kurang ti 5 taun, jangkung awakna teu nepi ka tingkatan anu geus dijadikeun patokan ku bidang kasehatan.
Kuring sok nyebut barudak anu jadi korban stunting lain ngan saukur awakna pendek teuing dibandingkeun ka barudak ukuran normal, tapi katahanan tubuhna ka panyakit, tingkat kacerdasan jeung rupa-rupa deui leuwih goreng ti barudak anu normal. Kulantaran kitu kuring sok nyebutkeun deudeuh teuing aranjeun barudak anu jadi korban stunting yen anjeunteh geus paeh saencan ajal dipundut gu Gusti Alloh SWT. Dina tataran kabudayaan perkara ieu kudu digolongkeun mangrupa tragedi peradaban kusabab paeh budaya.
Sabaraha loba barudak anu jadi korban stunting? Rata-rata nasional cenahmah aya dina angka 20-30%. Tapi di propinsi saperti NTT barudak anu jadi korban stunting aya sakitar leuwih ti 50%. Ari di Sumedang aya sabaraha loba barudak anu jadi korban stunting? Data anu aya nunjukkeun saputer 20-30%. Hartina mun aya 100 budak umurna kurang ti 5 taun, leuwih ti 20 budak jadi korban stunting. Deudeuh teuing anaking engke isuk jaganing pageto hirup manehteh bakal balangsak. Urang kudu menta dihampura ku barudak anu jadi korban kusabab urang teu bisa ngurus maranehna.
Mun urang hayang nyiptakeun zaman engke zaman anu maju, anu kudu dipigawe nyaeta ngawangun barudak zaman ayeuna kudu bisa jeung kuat nyiapkaeun zaman anyar keur maranehna jeung keur anak-turunana. Kumaha carana?
Lamun urang nanyakeun kumaha carana meureun urang teh kudu neangan bukti-bukti naon anu matak hiji bangsa bisa maju? Bari jeung teu saratus persen kabeh bisa sapakat, kuring ngajukeun bae pangalaman nagara-nagara anu ayeuna bisa jadi nagara maju, utamana nagara-nagara anu aya di Asia. Wates waktu katukang urang pake bae taun 1945.
Keur nagara anu aya di Asia, aya dua nagara anu ayeuna digolongkeun nagara maju nyaeta Jepang jeung Korea Kidul (Korea Selatan). Ti taun 1945 nepi ka taun 1970, bangsa urang jeung bangsa Korea Kidul aya dina hiji golongan anu sarua.
Jepang geus maju ti heula. Malahan Jepang wani ngajak perang nagara-nagara Barat, jeung nagara urang oge kungsi dijajah ku Jepang. Cenahmah bari teu lila oge dijajah ku Jepang teh tapi kahirupan bangsa urang leuwih balangsak ti batan zaman dijajah ku Walanda. Jaman harita bangsa Jepang sok disebut bangsa kate, tapi kate teh didieumah hartina parendek wungkul, lain stunting. Mun ayeuna mah ceuk data anu aya rata-rata urang Jepang golongan lalakina jangkungna sakitar 174 cm.
Rata-rata jangkung golongan lalakina bangsa Korea Kidul oge ayeuna mah sarua jeung bangsa Jepang nyaeta sakitar 174 cm.
Ari rata-rata jangkungna bangsa urang anu lalaki jangkungna sabaraha? 159 cm.
Jadi, beda jangkung golongan lalaki dewasa urang jeung lalaki dewasa Jepang atawa Korea Kidul nyaeta 15 cm.
Loba paktorna anu nyababkeun urang pendek jeung loba barudak urang anu sangsara jadi korban stunting. Tina loba paktor eta salah sahijina jeung anu pang pentingna nyaeta bangsa urang konsumsi protein anu sumberna endog, lauk, daging, susu, jeung sarupana saeutik teuing dibandingkeun jeung anu dibutuhkeun. Bangsa Korea Kidul jeung Jepang mah ngadahar protein anu sumberna ti sasatoan atawa lauk sapoena bisa leuwih ti 50 gram per urangna; ari bangsa urang tina sapoe ngan asup 14 gram protein sajenis anu disebutkeun tadi keur saurangna. Jadi, bedana oge 36 gram, hampir tilu kalina protein anu asup ka raga bangsa urang.
Naha protein penting? Hanjakal basa keur sakola di SMA atau keur kuliah teu dibejaan naon ari hartina protein teh. Geuningan kecap protein teh asalna ti basa Yunani, proteus, anu kurang-leuwih hartina anu utama atawa anu pang pentingna. Ku sabab kitu ciri makhluk hirup nyaeta boga protein. Bari jeung teu katempo ku panon tataranjang oge, bakteri contona, digolongkeun makhluk hirup. Mun urang disadarkeun ku elmu yen protein teh nomor hiji, meureun tujuan ngawangun pertanian teh lain swasembada beas tapi swasembada atawa kalimpahan protein. Kudu ditegeskeun di dieu yen protein anu diperlukeun nyaeta protein anu asalna ti sasatoan atawa ti lauk cai.
Naon hartina carita anu ditepikeun di luhur keur mitembeyan?
Kahiji, ayeuna urang mimitian musatkeun daya pikir, daya cipta, jeung daya migawe keur ngawangun kaum ibu-ibu anu keur ngandung orok atawa keur nyusuan budakna;
Kadua, bareng jeung paktor kahiji urang musatkeun daya pikir, daya cipta jeung daya migawe keur mikanyaah ka barudak anu geus jadi kawajiban urang sarerea ngagedekeun maranehna jadi jelema unggul lahir-batin jeung mental-spiritualna;
Katilu, ayakeun kabeh kaperluan protein keur warga Sumedang, khususna keur dua kalompok di luhur.
Urang mitembeyan ngawangun Sumedang ku cara anu geus dicaritakeun.
***
Judul: Mitembeyan
Penulis: Agus Pakpahan
Editor: Jumari Haryadi