Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 3)

Artikel ini ditulis oleh: Yudhistira Purana Shakyakirty

Ilustrasi: Prasasti di tengah hutan - (Sumber: Arie/MMS)
Ilustrasi: Prasasti di tengah hutan - (Sumber: Arie/MMS)

MajmusSunda News, Kolom OPINI, Minggu (22/06/2025) – Artikel berjudul “Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 3)” ini merupakan karya “Yudhistira Puranha Sakyakirti”alias Mang Ujang Laip yang ditulis dalam rangka memelihara budaya Sunda. Selain dikenal sebagai budayawan, ia juga aktif  berkegiatan di bidang budaya dalam Komunitas Aksara dan Seni Budaya “Gentra Pamitran” yang dipimpinnya.

d. KASAHA

Kasaha, hartina kudu kasaha, ieu hiji pananya keur diri urang, lantaran urang rumasa yén diri urang keuna ku kasipatan nu teu sampurna téa, kukituna urang kudu daék tumanya, mun bodo kudu aléwoh, ngan lamun tumanya kudu kasaha? Aléwoh téh kudu kanu mana? Sabab lamun urang nanyakeun ka anu teu nyaho atuh sarua bodona, kukituna urang kudu daék nanya téh kanu nyaho, kanu ahlina “tadaga carita hangsa, gajéndra carita banem, matsyanem carita sagarem, bangbarem carita puspanem”.

Yudhistira Puranha Sakyakirti
Yudhistira Puranha Sakyakirti alias Mang Ujang – (Sumber: Arie/MMS)

Tegesna, talaga baris capétang nerangkeun kanyahona ngeunaan hangsa atawa soang, sabab soang hirupna deukeut kana cai, gajéndra carita banem, tegesna gajah baris capétang nerangkeun kaayaan leuweung sabab gajah ayana dileuweung, manéhna nu baris leuwih nyaho batan urang, matsyanem carita sagarem, tegesna lauk baris leuwih nyaho kana jerona jeung kaayaan laut (sagarem = sagara), pon kitu deui ngeunaan kembang, bangbara bakal leuwih apal kana kekembangan, mana nu seungit, jeung mana nu teu seungit.

Kasaha, urang  kudu ménta tulung, kasaha urang rék minangsaraya, kasaha urang kudu sumujud, kasaha urang kudu nyalindung, kasaha urang kudu ngajén, kasaha urang kudu barang béré, kasaha jeung kasaha, masih loba kénéh pananya nu ku diri urang kudu dijawab, sabab sakabéhna kudu merenah dina ngararapkeunana.

Didieu ngabuktikeun yén diri urang teu sampurna, hirup kudu gumantung kénéh kanu séjén, gumantung kana ka welas asihna Gusti, gumantung kana kanyaahna sasama, gumantung kana naon rupa kaayaan disabudeureun urang.

e. NYATANA

Nyatanangandung harti kanyataanana, yén urang kudu bisa narima kana kanyataan nu karandapan mangsa kiwari (tumamprak), urang moal bisa nawar, teu bisa di embung-embung, teu bisa dihayang-hayang, hirup urang geus di wengku ku katangtuan, geus dipapaés ku papastén diri ti hyang widi, yén jodo – pati – bagja jeung cilaka na hiji jalma éta kabéh kulak canggeum nu  geus ditangtukeun, yén  diri ukur sampiran, banda ukur titipan, pangkat ukur pupulasan, hirup lain keur ngumbara tapi di umbarakeun dialam pawenangan ieu, anu samangsa-mangsa baris disaur ku anu rahayu digupay kunu kawasa, dipiwarang  mulih ka jati mulang ka asal, nu kawit ti anu Maha Suci, atuh kudu mulang ogé ka asalna.

f. LARA

Lara ngandung harti gering, tapi bisa dihartikeun oge nyeri.

Lara lamun rék dihartikeun gering, lain gering awakna tapi gering akalna, jelema lamun katarajang gering ku hiji panyakit dina awakna éta ukur ngariweuhkeun kudu ngaladénan, ngaméménan, da diri manéhna mah geus teu walakaya, tapi lamun jelema akalna geus katarajang ku hiji panyakit, lain ngan ukur ngariweuhkeun ku ngaladénan, tapi bakal nyusahkeun ka saréréa.

Lara ogé bisa dihartikeun nyeri, lain nyeri beuteung lantaran manéhna ngadahar lada, atawa nyeri sirah, nyeri awak atawa nyeri nu séjénna, tapi nu dimaksud didieu nyeri haté, lamun hiji jelema geus nyeri haté, nu bodo ngadak-ngadak jadi pinter, nu éléhan ogé ngadak-ngadak jadi wanian, nu tara ambek ogé ngadak-ngadak tipopolotot, kukituna mangkahadé poma ulah ngaraheutan haté batur bisi nyerieun haténa.

Ilustrasi: Seorang peneliti sedang memeriksa prasasti di tengah hutan - (Sumber: Arie/MMS)
Ilustrasi: Seorang peneliti sedang memeriksa prasasti di tengah hutan – (Sumber: Arie/MMS)

g. MAWA BAYA

Mawa baya ngandung harti yén sakur jelema mamawa pibahayaeun  boh keur dirina sorangan atawa keur nu séjénna. Pibahayaeun ieu téh moal leupas tina kahirupan jelema salila manéhna hirup, sabab tina ucapan bisa jadi bahaya, tina réngkak paripolah bisa jadi bahaya, tina sagala rupa usik ning jalma éta kabéh ngakandung pibahayaeun, boh keur dirina atawa keur anu séjénna. Teu saeutik jelema cilaka alatan salah ngomong, ogé teu euweuh jelema cilaka alatan salah dina paripolah.

Salamet jeung cilakana hiji jelema gumantung kana tékad, ucap jeung lampahna.

Lamun jelema boga tékad paniatan anu hadé mangka hasilna ogé baris hadé,lamun jelema alus basana,soméah daréhdéh, daék ngajén ka batur, tinangtu batur ogé ngahargaan.

Ari panyakit nu ngancik di diri urang salian ti bodo, poho salah jeung balangah téh nyaéta tujuh  panyakit nu kudu dikadalikeun salilana, nyaéta:

1. Mumungkaleun,
2. Teuas hate,
3. Panjang panglamunan,
4. Mokahaan,
5. Caréraman,
6. Aleman, jeung
7. Hawek.

Pedaran:

1. Mumungkaleun, hartina Kedul miyuni mungkal (batu), mun geus cicing téh hésé ingkahna,ngedulna diborong ku sorangan, tegsna horéam na téh loba alesan

Ciri-ciri na jelema nu mumungkaleun:

“Lamun dititah sok wani mondah, lamun dipiwarang teu weléh mungpang, lamun nginum hayang kari rot, lamun dahar hayang kari am, hayang dialem jiga dalem, hayang diladén jiga gegedén”.

2. Teuas haté, hartina hésé dipapatahan ku batur

Ciri-cirina jelema nu teuas haté:

Mun diwuruk kalah pundung, mun di wejang kalah nyangangang,  digeuing kalah nampiling, mun di hulag kalah nyégag,  mun dicawad kalah nyacad, hirupna kumaha aing, asa aing pang benerna, batur mah salah kabéh.

3. Panjang panglamunan, hartina sakabéh cita-citana ngan ukur dina lamunan

Diuluran ku lamunan ditataran ku ciptaan, ngalamun kitu ngalamun kieu, kabéh teu jeung prakna, ceuk kolot téa mah loba catur tanpa bukur ,loba carita euweuh nu nyata, sakabéh ukur dina cita-cita, ngajentul jiga tihul, anteng manteng ulin jeung implengan, nampuyak jiga lempah, nu antukna ringkang bugang diganggayong ku kahayang.

4. Mokahaan, hartina ngababarikeun tur nganggap teu sapira, nganggap babari tur énténg kana sagala hal
5. Caréraman, hartina sok kabita ku milik batur, kabita ku boga batur.
6. Aleman, hartina hayang kapuji, “Kajeun rugi asal dipuji”
7. Hawek, hartina makmak-mekmek, atawa Sarakah, tegesna sagala rupa kudu keur sorangan, batur mah teu kudu kabagéan, ngahalalkeun sagala cara.

Kasarakahan jelema mah aya leuwih ti batan sato, begu onaman lamun ngukuy sampeu ngan butuh beutina wungkul, tapi jelema mah apan butuh jeung daunna jeung tangkalna.

Ciri-ciri jelema sarakah :

Pamundutna salaput hulu, kahayangna mapakan méga, kanu leutik ngirik-ngirik, kanu gedé dépé-dépé hayang ka paké, tihothat hayang hirup luhung, lamun geus jeneng jiga nu silung, nipu batur tara kalarung, nyacad ka sasama mah geus biasa batur mah teu weléh salah, asa diri pang benerna, rigigna jiga santri padahal jurig nu nyiliwuri, réngkakna jiga ulama  padahal ganggarangan nu keur nyamar.

Sakitu, nu ku sim  kuring bisa kapedar. Punjul sasiku kurang sadeupa, anggang satampah, béda     dina pamahaman,   muga agung cukup lumur jembar nya pangampura na, rumasa lain ahlina.

Lamun kurang muga luangan, lamun leuwih muga wuwuhan.

***

Baca juga: Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 1)

Baca Juga: Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 2)

Judul: Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 3)
Penulis: Yudhistira Puranha Sakyakirti alias Mang Ujang Laip
Editor: Prof Chye Retty Isnendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *