MajmusSunda News, Kolom OPINI, Kamis (12/06/2025) – Artikel berjudul “Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 2)” ini merupakan karya “Yudhistira Puranha Sakyakirti”alias Mang Ujang Laip yang ditulis dalam rangka memelihara budaya Sunda. Selain dikenal sebagai budayawan, ia juga aktif berkegiatan di bidang budaya dalam Komunitas Aksara dan Seni Budaya “Gentra Pamitran” yang dipimpinnya.
2. Aksara Ngalagena.
Jajaran aksara Sunda buhun teu sarua jeung jajaran aksara Jawa Bali atawa anu séjénna lantaran dina runtuyan aksara Sunda aya wejangan pikeun urang saréréa lamun dilenyepan mah baris leuwih jero batan pedaran ieu diktat.
Jajaran aksara Sunda ngajirim jadi kecap-kecap nu gampil dilapalkeun tur gampil diapalkeun, ngandung harti pikeun dipisurti, loba siloka pikeun guareun urang saréréa.
C. Susunan Aksara Sunda
Susunan Aksara Sunda téh nyaéta: JAGA PADA NGACA KASAHA NYATANA LARA MAWA BAYA, ieu asalna tina babar kecap nu jadi Pager Pangayuman pikeun dijadikeun wejangan keur urang Sunda.

JAGA PADA NGACA KASAHA NYATANA LARA MAWA BAYA, boga harti nu écés tur jéntré, nu kurang leuwih kieu maksudna : “ jaga (isuk pageto urang rék) ngaca (ngeunteung) ka saha , (dina) nyatana (mah mangsa) lara (gering/nyeri) (baris) mawa baya (keur balaréa)”.
Tina harti nu salancar tadi urang geus bisa ngira-ngira kamana loyogna kecap nu disusun dina aksara Sunda, yén sategesna dina hiji mangsa urang baris kaleungitan nu bisa dipaké eunteung (conto) dina kahirupan urang, baris loba jelema anu goréng talajakna, anu engkéna baris meunang wawales anu satimpal jeung kalakuanana, hal ieu geus digambarkeun ku karuhun urang kalawan jéntré dina kecap jajaran aksara Sunda sagemblengna.
Karuhun urang ogé geus bisa ngira-ngira kana naon-naon nu baris karandapan ku anak incu na, bakal loba jelema nu kaleungitan salah sahiji tina tujuh mutiara kahirupan urang Sunda (Cageur, Bageur, Bener, Pinter, Singer, Jujur, Akur) nu teu weléh di ipat-ipat dina pang wawadi para karuhun urang Sunda ka anak incuna, anu sakuduna mah ku urang dimumulé tur dirarapkeun dina hirup urang sapopoé, sabab lamun urang geus kaleungitan salah sahijina tina diri urang, tangtu disebutna ogé jelema gering atawa teu waras.
Urang cageur lamun teu bageur ?, urang cageur jeung bageur tapi lamun teu bener, urang cageur, bageur,kalawan bener lamun teu pinter ? jeung saterusna.
Anu matak kacida perluna urang ngamumulé tujuh mutiara kahirupan tadi dina diri urang sangkan urang teu disebut jelema gering.
Jaga pada ngaca kasaha, ieu ngandung harti hiji pananya pikeun urang saréréa, yén isuk jaga ning pagéto saha nu rék dipaké eunteung dina kahirupan urang sapopoé, bisa indung, bisa bapa, bisa saha baé anu sakira-kirana bisa nyontokeun hiji kajadian anu boga akibat dina kahirupan urang, anu geus tangtu dicokot ku urang téh anu aralusna wungkul , da ari nu goréngna mah kudu disingkahan, tegesna urang kudu bisa ngeunteung kana luang nu kaciri, nu kadéngé jeung anu karasa tur kaalaman ku diri sorangan, nu dipamrih sangkan ulah ngarempu tugu ngarempak canar,bisi kacanir bangban.
Ngarémpu tugu, hartina urang ulah ngalanggar aturan anu dijieun ku pamarentah.
Ngarémpak canar, hartina urang ulah ngalanggar aturan anu geus ditangtukeun ku agama anu jadi kayakinan diri urang.
Urang bisa ngeunteung kana pangalaman hirup urang, atawa kana pangalaman hirup dulur-dulur nu aya disabudeureun urang, atawa urang bisa ngeunteung kana kahirupan anu ébréh témbrés nu kapanggih ku urang di mana baé, iraha baé jeung keur kumaha baé, éta kabéh bisa dipaké eunteung, dijieun conto ku urang.
Nyatana lara mawa baya ngandung harti Nyata atawa kanyataan, yén kahirupan didunya mah teu leupas tina kanyataan, sok sanajan urang boga lamunan, atawa kahayang, lamun Gusti geus ngersakeun kudu kieu nya wayahna kudu ditarimakeun, ulah ngarastula, bongan manusa mah geus boga hancengan hirup séwang-séwangan nu disebut kulak canggeum bagja awak téa.
“Hirup katungkul ku pati paéh teu nyaho dimangsa, galur hirup aya nu ngatur gelarna aya nu ngawasa, usik malik di intip wanci pibalikeun, réngkak polah didagoan ku mangsa pi mulangeun, balik ka jati mulang ka asal, nungu-nunggu di pundut ku nu rahayu dialap ku nu kawasa”.
Ceuk kolot téa mah , kumaha geletuk batu kecebur cai na, hirup mah kumaha béhna, sabab daék teu daék urang mah geus aya anu ngatur, jodo, pati, bagja jeung cilaka éta kabéh geus di tangtukeun ku anu Maha Kawasa dalah usik malik,réngkak jeung rénghap urang teu ngaboga-boga, kabéh ogé ngan a-akuanan, manusa mah teu boga nanaon jeung teu bisa nanaon, hirup didunya ogé ngan ukur dihirupkeun, di umbarakeun, lain meunang kahayang sorangan kalawan teu bisa nawar.
Tiap jirim manusa teu leupas tina katangtuan hirup anu geus teu bisa dipungpang deui, tiap jirim manusa geus tangtu ngalaman lara, gering atawa aya kanyeri ,ngan tiap lara geus tangtu bakal ngajadi cukang lantaran kana baya atawa pibahayaeun, lamun téa mah dirina keur nandang lara atawa keur gering, apan gering téh kembangna paéh, geringna hiji jelema bisa baé ngabalukarkeun pancabaya keur dirina sorangan atawa keur nu séjénna, boh karana dirina aral ku kasakit, atawa diri batur ngarasa aral ku ngarasanan nu gering téa, anu temahna sok aya kajadian anu teu di pikahayang.
Teu euweuh jelema nyilakakeun atawa maéhan diri sorangan lantaran ngarasa aral ku kasakit atawa kanyeri, paling hanteu dirina humandeuar, atawa bisa baé nyieun aral ka diri batur, nu antukna batur jadi ijid, ceuceub ka diri manéhna lamun geus kitu manéhna tinggal nungguan waktu, iraha manéhna baris dicilakakeun ku batur, atawa dina untungna baris pada ngantep dina waktu manéhna keur gering. Pan ieu kabéh nu ngalantarankeun cilakana nu séjén, yén tiap gering tangtu mawa pibahayaeun.
Yén manusa teu weléh gering, sabab manusa keuna ku sipat sarakah téa, moal weléh ngarasa kurang jeung kurang, lamun jelema ngarasa dirina teu weléh kakurangan mangka dirina baris nga-ihtiaran ku sagala cara, babadug sisiku , sésépak jeung totojér, nyigeung ka itu ka ieu, padu kahontal pamaksudan ngawenangkeun sagala cara, ieu cirina jelema keur gering, da lamun cageur mah tangtu moal kitu.
D. Harti hiji-hijina kecap nu aya dina jajaran aksara Sunda.
Jajaran aksara Sunda ogé neundeun harti anu leuwih jero lamun ku urang diguar, nyamuni dinu suni, negrak di nu caang, écés jéntré teu kapaliré bongan urang haré-haré.
a. JAGA
Jaga, dina bahasa prakerta “ Jagarti” boga harti hudang, éling, atawa sadar.
Hudang tina tibrana saré pikeun ngalaksakeun kakuduan hirup,( lain ngalindur).
Éling ka Gustina, éling ka dirina.
Sadar yén diri taya tangan pangawasa.
Jaga….!!, ngandung harti ogé panitah keur diri urang, sangkan diri urang bisa ngajaga tur ngariksa, tegesna urang kudu bisa ngamumulé diri urang tina sagala pangrobéda dunya nu baris nalikung kahirupan urang salawasna, ngajaga diri teu cukup ku bisa maén po, atawa nu liana, aya anu leuwih penting ti batan éta, nyaéta ngajaga tékad, ucap jeung lampah.
Ngajaga tékad urang tina niat goréng ka batur, mulah carut mulah saréréh, mulah nyangcarutkeun manéh, nu enya majarkeun lain, nu lain majarkeun enya, ulah boga haté gindi pikir belang bayah ka sasama.
Tékad nu jadi awit tina sagala kahayang jeung kasungkan, ati lir ibarat raja nu ngawasa kana jungkiringna jirim diri nu la’ip, raga waruga nu tanpa daya, tina ati jorojoyna hiji kahayang anu kadang teu bisa dipungpang, hayang itu hayang ieu, hayang kitu jeung hayang kieu, geus hiji hayang dua, geus dua hayang tilu, jeung saterusna, nu antukna hirup pinuh ku bangbaluh, kumoléab kumoléntang loba kahayang nu can kasorang.
Ieu nu ngajadikeun poékna pikir pikeun jalma nu kurang jeujeuhan, guluyurna waktu galasarna mangsa, asa rusuh nalikung atina, meungkeut pageuh kahadéan keur deungeun, mangkék haté ku munapék, hirup padu hirup, teu nolih ka sagigireun, asal genah keur sorangan.
Ngajaga ucap tina lisan nu matak ngaraheutan haté batur, sabda tuhu tepet byakta, tegesna lamun ngomong ulah linyok bohong, kudu sarua jeung buktina, sarua jeung kanyataan nana, pitutur kudu jadi tuturaning ning manusa, babar kecap kudu jadi gambar lampah paripolah nu teu misalah, Urang kudu diajar jujur ka diri sorangan, lamun urang linyok bohong, pasti kanyahoan, bisi nandang wiwirang dikolong catang, nya gedé nya panjang.
Ucap téh lir ibarat pedang, bisa nyalametkeun ogé bisa nyilakakeun, anu matak urang kudu bisa ngajaga ngariksa kana ucapan anu dikedalkeun ku urang, bisi kacalétot omong tisolédat létah, paribasa “abong biwir teu diwengku abong létah teu tulangan”, ujar padu engab, kudu ijir itung heula, rarampa heula rasa sorangan, bisi nyebit ati ngaraheutan haté batur.
Ku ucapan bisa genah jeung ku ucapan ogé bisa teu genah, alus ku omong goréng ku omong, nya tina omongan urang baris pinanggih genah jeung teu genah dina campur gaul jeung sasama, tina omongan urang baris narima kahadéan atawa kagoréngan ti sasama, kukituna lamun urang teu ngarti, alusna mah cicing ngabetem.
geuingna padang caang lega loganda, tegesna urang kudu bisa silih geuing silih élingan ku pépéling nu méré pijalaneun kana jalan pisalameteun. Urang moal nyaho kana kasalahan diri sorangan lamun batur teu ngageunggeureuhkeun kana ucap jeung lampah urang nu salah, pon kitu deui batur, moal sadar dirina lamun ku urang teu digeunggeureuhkeun, ngan poma ulah nyawad, ulah nyacad, sabab can tangtu narima kana panyawad urang, komo deui lamun nepi ka nyacad mah tangtu batur moal sukaeun.
Geus jadi hiji kakuduan pikeun urang, yén meré pépéling, méré piwejang, ka anak, incu atawa ka anu mikabutuh ku tungtunan hirup, sabab mungguh kahadéan teu diukur ku tangtung kujur, teu bisa dikira-kira ku tunjang awak, bari sok sanajan hirup urang can bener, tapi paling henteu urang kudu méré luang nu baris jadi piwulang ka papada urang.
Luang lain ukur tina daluang, lain ogé wungkul tina bincurang, tapi luang bisa tina haleuang, bisa tina hariring, bisa tina rigig, tina réngkak, tina rindat, tina semu,ti anu karasa jeung kaalaman, jeung tina sagala rupa nu kajeueung ku mata lahir. Kabéh éta bisa jadi luang keur diri urang jeung keur anu séjénna.
Ngajaga lampah, ngajaga léngkah bisi salah nya nincak nu tangtu sawaktu-waktu mah urang bakal tijalikeuh, léngkahna dina ngayonan sagara kahirupan nu pepek padet ku tatarucingan ieu, ka hareup kudu ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah, ka kamari pulang anting, isukan purug anjangan, ulah poho tumpa-tempo ka pagéto, tegesna urang kudu jiga hap-hap méméh nincak téh endag-endag heula bisi rempag.
Kahareup ngala sajeujeuh hartina urang kudu bisa nyawang atawa ngira-ngira naon nu bakal kajadian lamun urang ngalakukeun hiji pagawéan nu sarupa kitu, naha alus atawa goréng, ulah alus ceuk sorangan tapi kudu alus ceuk umum, kalakuan urang téh ulah nepi ka ngarugikeun batur, ulah pika ngéwaeun batur.
Katukang ngala saléngkah, hartina urang kudu ngeunteung kana pagalaman urang nu katukang, sangkan urang teu milampah deui hiji pagawéan anu ngabalukarkeun karugian keur diri sorangan atawa keur diri batur.
Ka kamari pulang anting, hartina nu geus ka alaman ku urang ogé ulah dipopohokeun, inget-inget deui sagala rupa nu geus ka randapan ku urang, bisi aya laku nu teu puguh, aya lampah nu teu merenah anu matak ngaraheutkeun atawa ngarugikeun diri sorangan atawa diri batur.
Ulah poho tumpa tempo ka pagéto, hartina urang kudu bisa ngira-ngira naon anu baris karandapan ku urang lamun urang ngalakukeun hiji pagawéan, kumaha balukarna keur diri, jeung balukarna keur batur, “melak cabé moal jadi bonténg, melak hadé moal jadi goréng”.
b. PADA
Dina bahasa Bali :
Pada boga harti taneuh, bumi, prativi
Pāda hartina Suku, Sampéan
Padha hartina Sarua, sami, akur
Pada hartina ogé sarua (asal tina kecap pada-pada atawa Padha dina bahasa Bali), yén sagala rupa anu diciptakeun di alam dunya ieu dina seuhseuhanna mah saruwa, utek tongo walang taga,manusa buta détya, lukut jukut rungkun kayu, keusik karihkil cadas mungkal,ibun cinyusu talaga sagara, bumi langit jagat mahpar,angin leutik ngahiliwir angin puyuh lilimbungan, béntang rapang bulan ngempray, sang hérang ngéngé nu nongtoréng éta kabéh ciptaan Sang Hyang Tunggal, keur Inyana mah sarua kabéh ogé taya bédana, Gusti teu ngawilah-wilah, tara cuweut kanu hideung tara ponténg kanu konéng, tara nanggeuy ti bongkokna, ngan hiji anu ngabédakeun jeung manusa teh nyaéta akal,anu matak jelema sok disebut mahluk nu pang mulya na.
Ditilik tina jungkiringna, sidik lantip, ditéang tina kahayangna dalah rohaka,disusud tina pangaweruhna dalah pinunjul, naon deui atuh nu disésakeun keur mahluk séjénna ?, hal ieu nu matak kacida bédana antara jelema jeung mahluk séjénna,boga rasa jeung rumasana, boga naluri jeung jeujeuhannana, boga kahayang teu saengangna, hal ieu téh lantaran ku boga akal téa anu mahluk séjén mah teu bogaeun.
Naon atuh ari akal téh nepi ka boga anggapan yén jelema anu dikersakeun boga akal bakal leuwih mulya?
Ari akal nyaéta :
“hiji cahaya anu sumirat, nu nyaangan papadang rasa,nu ngageuing kana ati sanubari nu nuyun nungtun lebah lulurung sangkan ulah kabéngbat di sisimpangan, sababsariring dumadi saréngkak saparipolah, jelema mah moal weléh pinanggih jeung jalan sisimpangan, antara salah jeung bener”.
Tegesna akal téh nyaéta hiji cahaya anu ngebrak (Sunda) pikeun nyaangan rasa urang (obor) jeung keur ngageuing ati urang bisi boga pikiran anu teu parok jeung batur kalawan anu baris nungtun haté urang kana jalan anu lempeng bener, sabab nya akal ieu hiji-hijina pakakas urang pikeun ngabédakeun antara salah jeung bener.
Ku kituna, anu matak jelema disebut mahluk nu pang mulyana téh lantaran bisa ngagunakeun akalna dina jalan anu lempeng bener,kalawan teu salah boh ceuk ukuran agama boh ceuk ukuran darigama.
Tapi aya ogé diantarana nu milampah hiji pagawéan anu leuwih hina batan sasatoan, sato onaman lamun kawin jeung indung atawa kawin jeung dulurna atawa jeung jodo baturna, éta dianggap sah lantaran sato teu pernah nyieun aturan hirup jiga kitu, tapi lamun jelema jiga kitu kira-kirana kumaha?, nu tangtu jelema samodél kitu mah moal disebut mulya lantaran jiga sato nu teu boga akal téa.
Mungguh kamulyaan sajati lir ibarat wawangunan anu weweg, alus tur gedé, hésé piruntuheunnana, sabab :
di tihangan ku tabé’at anu luhung, di hateupan ku kautamaan di bilikan ku pamilih, di kutaan ku kasatiaan di pandemen ku wawanén, di paku ku kapengkuhan, di hias ku kapinteran di parabotan ku pangaweruh, di ukir ku karajinan.
Jalma ogé kitu deui, lamun martabatna mulya hamo towong di piomong, moal pegat di picangcam, sababna kamulyaan henteu kawengku ku waktu, langgeng dina wawangina.
Mulya teu bisa di ukuranan ku lubak libukna harta banda, atawa sugih pangarti jembarna pangabisa, tapi mulya na hiji jelema dilantarankeun ku ahlak kalakuannana, nu ngawengku kana tekad, ucap jeung lampahna, lamun kabéh ieu geus sapagodos jeung dirina, karék jelema pada-pada disebut mahluk nu pang mulyana.
Mungguh payuneun nu Maha Kawasa mah sakabéh mahluk nu kumelip dialam dunya ieu téh sarua, sarua diciptakeun ku Gusti nu hirup kalawan huripna dina aplakna séwang-séwangan, kalawan boga hak jeung kawajiban masing-masing.
c. NGACA
Ngaca hartina ngeunteung, yén urang kudu daék ngaca ka rigig pribadi,ngaca kana réngkak paripolah sorangan saméméh urang meunteun goréng ka diri batur, geura ngukur ka tangtung kujur, geura nimbang ka tunjang awak, saliksik diri, rarampa rasa sorangan, bisi aya réngkak nu jadi matak, bisi aya gawé nu léléwodéh nu ngabalukarkeun gudawangna haté batur,dina harti urang kudu bisa ngaji diri tur ngaji rasa. Lamun diri kacingcirihi, badan nu katempuhan.
Lamun urang teu maké luang hirup lir ibarat kaleungitanan titingalian, pareumeun obor pingaraneunana.
Ngaca, hartina ngeunteung, ngeunteung kana pangalaman diri urang sorangan nu kungsi ka alaman dina mangsa ka tukang, ngeunteung kana pangalaman nu séjén, ngeunteung kana sagala rupa nu pagiling gisik jeung urang sapopoé, kabéh éta bisa dipaké conto, bisa dipaké luang pikeun nangtukeun piléngkaheun lampah hirup urang kahareupna.
Ngaca atawa ngeunteung, lain ngan ukur dititah ngaca kana rupa jeung ngaran nu aya di sabudeureun urang wungkul, tapi urang ogé kudu daék ngaca kana jero-jeroan nu aya di diri urang, nu aya di diri batur, diri urang kudu di ajar ngajadikeun diri batur, diajar ninggali kahirupan batur, diajar ngarasakeun naon nu karasa ku batur, ku kituna urang bisa nyokot luang, luang lain ukur tina daluang, lain tina bincurang tapi ogé ti papada urang.
Ngaca, tegesna ulah naléngténg Gusti kamana mendi, nepi ka poho ditemah wadi, kurang tilik kana pangaji diri, teu nolih ka barang bukti, migusti ka lahir, mibaraya ka harta banda, nu antukna kanu leutik ngirik-ngirik, ka sasama teu weléh nyacad, rigigna di mirip-mirip jiga santri, réngkakna hayang jiga ustad, padahal ?
Gera intip dina basa budi, bisi keuna ku paribasa, abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan, ujarna sakaparan-paran, nu antukna loba jelema anu nyeri haté.
“Ulah ngagugulung nu méméh tepung, diparipih méméh papanggih, jauh-jauh ngajugjug maluruh puhu, anggang-anggang néangan kahadéan, nu puguh mah aya di diri sorangan”.
***
Baca juga: Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 1)
Judul: Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 2)
Penulis: Yudhistira Puranha Sakyakirti alias Mang Ujang Laip
Editor: Prof Chye Retty Isnendes