Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 1)

Artikel ini ditulis oleh: Yudhistira Purana Shakyakirty

Prasasti
Ilustrasi: Prasasti di tengah hutan - (Sumber: Arie/MMS)

MajmusSunda News, Kolom OPINI, Rabu (11/06/2025) – Artikel berjudul “Kaahéngan Aksara Sunda (Bagian 1)” ini merupakan karya “Yudhistira Puranha Sakyakirti”alias Mang Ujang Laip yang ditulis dalam rangka memelihara budaya Sunda. Selain dikenal sebagai budayawan, ia juga aktif  berkegiatan di bidang budaya dalam Komunitas Aksara dan Seni Budaya “Gentra Pamitran” yang dipimpinnya.

Bismillahi dzat nu nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya alam pangumbaraan jirim jeung jisimna. Seja muntang ka keresana anu murba wisésa nu ngaraksa kuring jeung kurungna. Takdim medal saking ihlasing werdaya kahaturkeun ka jungjunan alam KN Muhammad SAW nu jadi sarining rahayu. Sinembahing mulya ka indung anu ngandung rawuh ka bapa anu ngayuga tur ka tatar adat nusa nu jadi sarining kuring ngajadi jati diri.

Sampurasun ka para luluhur Sunda nu nancebkeun sulur buah pikiran luhung nu jadi pamancar, pamancir, tur pamancur  palsapah Sunda.

Yudhistira Puranha Sakyakirti
Yudhistira Puranha Sakyakirti alias Mang Ujang – (Sumber: Arie/MMS)

Sampurasun ka para pini sepuh nu sami rawuh pikeun ngiring nyipuh pangaweruh, ka para inihong nu jadi tunggul pangiuhan catang pamuntangan rahayat, nu ngaping ngajaring tur ngageuing sajeroeun nagri.

Ka dulur-dulur nu saharigu sacinyusu nu kawengku ku   adat jeung laku nu saluyu bawaeun rahayu, ka baraya-baraya nu sarwa napak dina lampah adat budaya, pakeun ngahontal jagat raharja.

Babak carita urang buka ku tékad tata cara Sunda, nindak ngudag wayah milampah martabat kamanusaan Sunda, tandang makalangan darajat kahirupan  Sunda, ngawangun kaluhungan adat budaya Sunda.

Hurung ngempur lampu agung, siang leumpang ngabaladah ku rasa nu ngabasa, ku basa nu mangrupa, ku rupa nu ngaungkara, ku ungkara nu nanggara, ku tanggara nu nga uga, ku uga nu ngawaruga.

Lima rupa ungkara nu nyipuh ngahirupan dalapan welas aksara, jadi konci pikeun muka rusiah sabudering langit saamparing jagat.

‘A’  – Pangjangka nu ngajarak saban arah.
‘I’   –  Pamatri nu ngajirim kana ati sanubari.
‘U’  – Panglawung sabalé nyungcung.
‘É’  –  Panglébér nu ngabébér ka sékésélér.
‘O’  – Panyombo ramo nu sumolondo.

Basa nu hirup dina rasa, nga uga kanyataan. Basa nu hirup jadi wasa ngawauga kanyataan. Babar Sunda dina uga ngawaruga.

A. Harti Aksara.

Aksara nyaéta “hiji sistem simbul visual nu aya réngkolna dina hiji bahan (media) nu gabogaan pungsi pikeun ngungkabkeun unsur-unsur nu ngaekspresikeun hiji bahasa”.

Istilah séjénna mah “Aksara nyaéta system tulisan”.

Aksara asalna tina bahasa Sanskerta, sacara etimologi asal usul kecap “Aksara”  ngakar tina kecap “A” jeung “Kshara”. “A” ngandung hari “Henteu”, sedengkeun “Kshara” ngandung harti “ kamusnahkeun”. Jadi aksara téh “nu teu ka musnahkeun”  alatan ngabogaan pungsi pikeun ngadokumentasikeun hiji hal kana bentuk tulisan.

B. Wincikan Aksara.

Aksara Sunda cumakup kana aksara Swara jeung aksara Ngalagena.

1. Aksara Swara.

Sakumaha ilaharna aksara-aksara anu séjén, aksara Sunda ogé aya anu disebut aksara swara atawa aksara vokal kalawan jumlahna ogé ngan aya lima (panca aksara) É pepet jeung EU mah teu ka asup, sabab wujud réngkolna éta aksara ngabogaan aksara dasar “a” nu ditambahan ku pananda sora, boh keur kecap “e” pon kitu deui keur kecap “eu”.

Aksara swara ieu aksara anu ajaib, alatan teu butuh aksara anu séjén, tapi aksara anu séjén mah tangtu butuhna.

Aksara vocal dina aksara Sunda aya lima, nyaéta A, I, U, É jeung O.

Dina ieu pedaran lain rék ngabahas jirim rupana aksara A, I, U, É jeung O sabab geus pada apal tur bisa nulisna, tapi nu jadi pananya, kunaon ti jaman baheula tug nepi ka kiwari susunan huruf atawa aksara téh bet A,I,U,É jeung O, naha teu É heula atawa I heula atawa anu séjénna. Ieu sababna dina ieu pedaran urang jujut ti puhu, urang papay ti awal, sangkan urang teu poékeun teuing.

A,I,U,É,O, dina aksara Sunda téh nyaéta singketan tina kecap bahasa sansekerta, nya aya paribasa keur nu ngulik kana ieu hal mah,nyaéta :

A singketan tina kecap Acitya, nu ngandung harti Élmu, Pangaweruh, atawa Pangarti.
I singketan tina kecap Ikati nu ngandung harti Pituduh haté.
U singketan tina kecap Ubhaya nu ngandung harti Dua cara.
É singketan tina kecap Éka nu ngandung harti Hiji.
O singketan tina kecap Ogaya nu ngandung harti nu pang alusna.

Jadi lamun dihijikeun mah kieu :

“ Élmu pangaweruh (Acitya) téh jadikeun pituduh kana haté (Ikati) ngan dina pituduh téh aya dua cara (Ubhaya) saah jeung bener,  cokot hiji (Éka) nu pang alusna (Ogaya), alus keur dirina, alus keur balaréa”.

A –  Acitya, –> Élmu, ‘alima, ya’lamu, ilm, ‘alim.

Élmu téh nyaéta “hiji kaweruh anu dikersakeun ku anu Maha Kawasa ka manusa ngeunaan hiji hal anu puguh runtuyannana tur bisa nerangkeun kalawan écés jéntré hal nu jadi kaweruhna tadi.

Tapi didieu moal medar bagian-bagian tina élmu, hakékatna élmu, tujuan tina élmu, hubungan élmu jeung kahirupan, ajén élmu, jeung sajabana, sabab élmuna Élmu, sakitu lobana, nu tangtu can karuhan bisa kapedar sakabéhna. Sabab keur manusa mah salian ti dibéré naluri téh ogé di béré akal pikeun mikir.

Ari Akal nyaéta:

Hiji cahaya anu sumirat anu nyaangan papadang rasa, anu ngageuing kana ati sanu bari anu nungtun nuyun lebah lulurung sangkan ulah kabéngbat di sisimpangan, sabab sariring dumadi saréngkak saparipolah manusa mah teu weléh pinanggih jeung jalan sisimpangan, antara salah jeung bener”.

Ari akal dibagi dua,  nyaéta Akal Maohub jeung Akal Maksub.

Akal Maohub, tegesna akal anu dikersakeun ku Allah ta’ala pikeun sakabéh manusa kalawan teu kudu guguru heula, ari Akal Maksub nyaéta akal anu kudu ditarékahan ku jalan guguru ka ahlina.

–    ‘Ilmu ‘amaliyah – ‘Amal ilmiyah.

Pangaweruh kudu luyu jeung lakuna, pangabisa kudu larap dina lampahna, pangarti kudu nitis reujeung pikirna, panalar ulah mawa sasar kana akalna.

–     Sunda nu kawengku ku cahaya anu ngempur, baris kapanggih dina jirim dirina, lamun kamampuh lahir jeung batinnna daék narékahan dina ngalakonan hirup jeung ngipayahan hurip, pikeun ngahontal darajat kamanusaan nu teu méngpar tina tetekon nu geus jadi kakuduan hirup.

I – Ikati –> Pituduh Haté

Pangaweruh jeung kamatihannana nu bijil ti dirina dina pola pikir jeung laku lampah nu geus mangrupakeun ulikan anu buleud, anu sakuduna di koréh ti jero haté, disaliksik dijero ati, sangkan nyumponan kana Panca niti pikeun nangtukeun léngkah kahareupna : Kahareup ngala sajeujeuh, katukang ngala saléngkah, ka kamari pulang anting, isukan purug anjangan, ulah poho tumpa tempo ka pagéto.

Ari Pancaniti téh :

–     Niti harti
–     Niti surti
–     Niti bukti
–     Niti bakti
–     Niti jati.

Sing tapis ngawincik ati, sing bisa ngaraksa létah, ngararampa rasa pikeun ngabédakeun salah jeung bener.

(Pedaran Pancaniti baris dipedar dina waktu jeung kasempetan séjén).

U – Ubhaya  –> Dua Cara

Pituduh téh aya dua cara nyaéta pituduh anu bener jeung pituduh anu salah, ari Pituduh anu salah tegesna pituduh anu baris ngagebruskeun manusa ka jurang kahinaan,  pituduh anu ditarima kalawan tanpa tinimbangan, nu ngarempu tugu ngarempak canar, nu ahirna kacanir bangban, wiwirang di kolong catang nya gedé nya panjang, tina akibat ngagugu kana pituduh anu salah téa. Ari Pituduh Bener . Satungtung teu salah ceuk aturan, méré mangpaat tur dipigawé kalawan ikhlas, éta pagawéan téh dipandang mulya.

É – Éka –> Hiji.

Ceuk sakaol :Sing saha jalma nu ngaku dirina bisa ngaworkeun dua cinta dina haténa, cinta kana dunya sakaligus cinta ka Gustina, mangka éta jalma geus ngabohong, kukituna kudu milih salah sahiji pikeun nangtukeun jalan kahirupannana.

O – Ogaya –> Pang alusna.

Ari nu disebut alus téh nyaéta jalma nu bisa némbongkeun kahadéan, tegesna :

–     Kabeungharan haté / jembar haté.
–     Sabar kana kagoréngan batur.
–     Nyiar rizqi anu halal.
–     Taqwa.
–     Yaqin kana jangji Gusti.
–     Ucapan anu bener.
–     Bisa nyimpen rusiah.
–     Nyumponan kana jangji.
–     Salawasna méré tetekon tur bisa amanah.

***

Judul: Aksara dan Bahasa yang Pernah Ada dan Pernah Dipakai di Tatar Sunda (Bagian 1)
Penulis: Yudhistira Puranha Sakyakirti alias Mang Ujang Laip
Editor: Prof Chye Retty Isnendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *