MajmusSunda News, Bandung (29/10/2025) – Dina hirup sapopoe, urang Sunda diajar yén kahormatan manusa téh lain saukur tina kalungguhan atawa banda, tapi tina kumaha manéhna ngajaga ajen sarta méré inajen ka sasamana. Dua kecap ieu — ajen jeung inajen — sigana basajan, tapi nyimpen harti anu jero ngeunaan tatakrama, wibawa, jeung rasa manusa.
Ajen hartina nilai diri, harga diri, jeung martabat. Jalma nu boga ajen téh sadar kana saha dirina, kana naon nu kudu dijaga tina paripolahna, omonganana, jeung laku lampahna. Anjeunna henteu nyirorotkeun harkatna pikeun kahayang saetik, henteu ngorbankeun prinsip demi kapentingan pribadi. Ajen téh ibarat cermin, ngagambarkeun jero jiwa nu mulya.
Sedengkeun Inajen hartina ngajénan batur, ngahargaan sasama, jeung ngakuan yén unggal jalma mibanda hak pikeun dihormat. Inajen téh asalna tina rasa silih asih, yén urang henteu hirup sorangan, yén kabagjaan urang téh bakal sampurna lamun urang bisa ngajadikeun batur ngarasa dihargaan.
Dina papatah karuhun, ajen jeung inajen teu bisa dipisahkeun.
“Hirup kudu boga ajén, hirup kudu bisa inajen.”
Lamun urang boga ajén tapi henteu inajen, urang bisa jadi sombong, ngarasa leuwih ti batur. Tapi lamun urang inajen tapi henteu boga ajén, urang bisa leungit harga diri, gampang dipoyok, teu boga pendirian.
Ku kituna, kasaimbangan antara ajén jeung inajen téh janten dasar hirup nu luhung. Ajen ngajarkeun kamandirian moral, sedengkeun inajen ngajarkeun karendahan rasa. Dua-duana ngahiji dina watek santun, someah, jeung wijaksana — ciri utama jalma Sunda nu sajati.
Dina jaman kiwari, nalika loba nu ngukur ajén diri tina popularitas, harta, atawa jabatan, urang kudu émut yén ajén nu sajati téh asalna tina lampah, tina kalakuan nu jujur, tulus, jeung henteu ngahina batur.
Ajen Inajen téh sanés ukur aturan tatakrama, tapi filsafat kahirupan. Éta nu ngajaga sangkan urang tetep manusa — henteu ngan ku akal, tapi ogé ku rasa.
Sabab dina ahirna, anu ngajadikeun urang dihormat lain kumaha urang nyarita, tapi kumaha urang ngajénan batur.
*****
Judul: Ajen Inajen: Pangdeudeul Hirup Jalma Sunda
Penulis: Eep S. Maqdir












