Art for Hope di Braga, Wujud Kapadulian Tanah Priangan pikeun Pajoang Kanker

ART FOR HOPE
Kagiatan workshop Chinese Painting ku Mr. Michael Yee Fuh Wen, Pupuhu Persatuan Seni Visual Malaya (Malaysia). Potrét: Istiméwa.

MajmusSunda News – Bandung, Jumat (6/11/2026) – Mikanyaah sasama bisa diwujudkeun ku rupa-rupa cara. Di antarana ngaliwatan karya seni. Hal ieu geus dibuktikeun ku Yayasan Kanker Indonesia (YKI) Cabang Jawa Barat jeung Bank Indonesia Bandung ngaliwatan kagiatan Art for Hope: “Bersama Melukis Harapan Melawan Kanker”.

Kagiatan anu lumangsung tanggal 5–7 November 2026 jeung digelar di Gedung Heritage Bank Indonesia, Jalan Braga Nomor 106, Kota Bandung ieu, meunang pangbagea jeung pangrojong ti Wali Kota Bandung Muhammad Farhan, anu rawuh muka kagiatan anu ngadumaniskeun seni, budaya, jeung aksi kamanusaan ieu. Kamandang wali kota, kagiatan Art for Hope ieu boga ajén positif, sabab ngajak masarakat sangkan nyaah ka sasama ngaliwatan kagiatan rancagé jeung budaya.

Gawé rukun YKI Jawa Barat jeung Bank Indonesia Bandung mangrupa hiji tarékah ngumpulkeun waragad keur ngarojong lajuning lakuna program-program kamanusaan YKI, utamana keur masarakat anu keur berjuang ngalawan kasakit kanker.

Rojongan Bank Indonesia dina kagiatan ieu gé jadi wangun gawé rukun anu ngamprokkeun lembaga, seniman, komunitas, palaku usaha, kolektor, jeung masarakat dina hiji tujuan, nyaéta numuwuhkeun kapadulian ka para pajoang kanker.

Aya 60 karya lukisan seniman Bandung, Yogyakarta, Malaya (Malaysia), jeung Myanmar anu dipamérkeun jeung ditawarkeun keur dijual. Lian ti éta, genep karya pilihan baris dilelang dina kagiatan Charity for Cancer poé Jumaah, 6 November 2026, tabuh 14.00 WIB. Hasilna keur ngarojong saniskara program anu geus ditataharkeun ku YKI Cabang Jawa Barat.

Talatah Pupuhu YKI Cabang Jawa Barat, DR. Dr. Indra Wijaya, Sp.PD-KHOM, FINASIM, jadi panyumanget utama kagiatan ieu, “Hiji lukisan bisa numuwuhkeun sarebu ilham, hiji bantuan bisa numuwuhkeun sajuta harepan.” Anu ngandung harti, saéstuna hiji karya seni teu ngan saukur boga ajén kaéndahan, tapi ogé aya mangpaatna pikeun balaréa. Lukisan anu dipamérkeun jeung bantuan anu dipasrahkeun, dipiharep jadi pangrojong pikeun anu berjuang ngalawan kanker.

Seni & Budaya Jadi Jambatan Kapadulian

Art for Hope nyuguhkeun saniskara kagiatan seni jeung budaya. Dina bubukana, Kemis (5/11/2026), anu sugri hadir baris disuguhan ku pintonan tari Merak jeung Calung anu jadi bagian tina beungharna budaya Sunda.

Acara diteruskeun ku pangbagea ti Pupuhu YKI Jawa Barat, wawakil Bank Indonesia Bandung, jeung gunting pita ku Wali Kota Bandung Muhammad Farhan, tandaning dibukana paméran. Harita gé aya demonstrasi Chinese Painting ku Mr. Michael ti Persatuan Seni Visual Malaysia sarta kagiatan Painting on the Spot di Gedong Heritage Bank Indonesia. Dina poé Jumaahna (6/11/2026), salian ti paméran lukisan, hadirin gé bisa miluan jeung nyaksian lelang opat lukisan ngaliwatan program Charity for Cancer. Sedengkeun poé Saptuna (7/11/2026), kagiatan dieusi ku ngalukis reujeung, di jero gedong jeung paméran karya seni.

Sababaraha urang pangurus YKI ti sakuliah Jawa Barat, para pelukis ti Bandung jeung Yogyakarta, seniman Malaya jeung Myanmar, wawakil Bank Indonesia Bandung, sarta masarakat umum dijadwalkeun hadir dina kagiatan harita.

Mawa Sumanget Silih Asih

Kagiatan Art for Hope jadi salah sahiji cara ngahadirkeun sumanget mimitran anu dalit jeung ajén-inajén masarakat Sunda, silih asah, silih asih, silih asuh. Sumanget silih pikanyaah, silih rojong, jeung silih tulung-tinulungan jadi dadasar utama dina nyanghareupan pasualan kamanusaan.

Ku ayana kagiatan ieu, seni dipiharep teu ngan ukur jadi karya anu éndah, tapi jadi jalan pikeun babagi jeung tutulung ka sasama. Hadirna para seniman ti sakuliah wewengkon jeung mancanagara geus nyirikeun yén kapadulian kana perjuangan ngalawan kanker mangrupa talatah universal anu bisa ngahijikeun jalma réa.

Ti Braga, jajantung Dayeuh Bandung, Art for Hope mawa amanah yén kapadulian teu kudu dimimitian ku hal anu gedé. Hiji lukisan, hiji pangrojong, jeung hiji karep babagi bisa jadi sumber harepan pikeun anu ngabutuhkeun. Nya sumanget ieu pisan anu rék dimekarkeun ku YKI Jawa Barat jeung Bank Indonesia Bandung: ngajadikeun seni salaku jambatan kapadulian jeung ngagedékeun harepan para pajoang kanker di Tanah Priangan.

Judul: Art for Hope di Braga, Wujud Kapadulian Tanah Priangan pikeun Pajoang Kanker
Jurnalis: Rls/Red/AGP
Editor: Parkah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *