MajmusSunda News, Kolom SASTRA, Selasa (28/01/2025) – Sajak berjudul “Boa-boa” ini ditulis oleh: Prof. Ganjar Kurnia, Anggota Dewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Ku hoyong sajadah
janten “alketip ngapung”
jajap waruga
deuheus ka Salira
di Sidratul Muntaha
Raga madep Kabah – Baétullah
Kalimah takbir diucap
babacaan dilenyepan
maca ayat ditarikkeun – ditutup ku awéh salam
tapi,
emutan
angger ngalalana
kamamana-kamamana
Gusti,
Rakaat demi rakaat
nu diadegkeun
to’at dawuh Isro Miraj
boa-boa
ngan saukur, dianggap
olah raga
ku Salira
boa-boa
boa-boa
***
Judul: Sajak “Boa-boa”
Penulis: Ganjar Kurnia
Editor: Chye Retty Isnendes