MajelisSundaNews-Kota Bandung, Jawa Barat, Senen (14/10/2024) Majelis Musyawarah Sunda (MMS) kamari geus ngayakeun gempungan di Gedong Unpad 2, Lt 4. Aya kana 100 urang inohong jeung gegeden Sunda, teu saeutik nu hadir ti kalangan ahli atawa pakar.
MMS nu geus diistrenan di Sate Bandung, (8/9/2024) kiwari geus ngejenggelek dina wanda nu geus maneuh jeung resmi tina hasil musawarah jeung hasil kasapukan, aya 13 pinisepuh pamangku Sunda (Presidium) hasil tina kasapukan ti pinisepuh sejena nu jumlah aya kana 70 leuwih.
Dumasar tina hasil musawarah nu digelar di Universitas Padjadjaran (Unpad), Jalan Dipatiukur, Coblong, Kota Bandung, Minggu 13 Oktober 2024, geus ditetepkan aya 13 Pamangku Pinisepuh Sunda nu engkena ngajalankeun roda organisasi dua tahun ka hareup.
Para pinisepuh nu ditetepkeun nyaeta: Burhanudin Abdullah (Pinisepuh Pangangku Sunda 1), Laksamana TNI (Purn) Ade Supandi (Pinisepuh Pamangku Sunda 2), Ganjar Kurnia (Pinisepuh Pamangku Sunda 3), Irjen Pol (Purn) Taufiqurrahman (Pinisepuh Pamangku Sunda 4), Zaenudin (Pinisepuh Pamangku Sunda 5), Halimah (Pinisepuh Pamangku Sunda) Dindin S Maulani (Pinisepuh Pamangku Sunda 7), Numan Abdul Hakim (Pinisepuh Pamangku Sunda 8), Ikik Lukman (Pinisepuh Pamangku Sunda 9), Ernawan S (Pinisepuh Pamangku Sunda 10), Didin S Damanhuri (Pinisepuh Pamangku Sunda 11), Agus Pakpahan (Pinisepuh Pamangku Sunda 12) dan Ayi Hambali (Pinisepuh Pamangku Sunda 13).
Dina hasil ririungan atawa musawarah kahiji, aya tuntutan nu baris muncul tina hasil kasapukan aya 5 kamandang ka pamarentah nu anyar nu sakeudeung deui bakal dilantik.
Parandane kitu, tuntutan nu kalima, bisa jadi eta hal nu kiwari keur jadi wacana jeung jadi paguneman (gunem catur), inohong jeung gegeden Sunda, nu aya kaitanan jeung aglomerasi atawa disahkeunana Undang-undang Nomer 2 Taun 2024 ngeunaan Daerah Khusus Jakarta BAB IX: Kawasan Aglomerasi Pasal 51-60.
Tangtuna ieu Undang-undang pikeun urang Sunda hal nu teu bisa kitu wae, lantaran kahareupna bisa jadi pikeun urang Sunda jadi mamala.
“Majelis Musyawarah Sunda sapuk pikeun nolak Undang-undang Nomer 2 Taun 2024 ngeunaan Daerah Khusus Jakarta BAB IX: Kawasan Aglomerasi Pasal 51-56,” kitu sakumaha nu didugikeun ku Prof Dr Ganjar Kurnia DEA dipayuneun musawarah kahjiji MMS kamari.
Lian ti eta nurut Prof Ganjar hasil dina kasapukan pinisepuh pamangku Sunda nu jumlah 13 boga kamandang yen Undang-undang Provinsi Daérah Khusus Jakarta disusunna wawayagon, sabab gurung gusuh téa, urang Sunda tara dibéré warta ngeunaan naon tinimbangan perkara éta aturan, teu dihiap sacara démokratis, nu kuduna mah dilakukeun sacara tartib jeung tanggung jawab.
“Éta kawijakan Kawasan Aglomerasi kontradiksi jeung Pasal 18 UUD 1945 nu mana daérah-daérah otonom nu aya di Tatar Sunda (Jawa Barat, Banten, Jakarta) teu boga hak deui ngararancang wangunan wilayah/daérahna luyu jeung karakter wilayah sarta budayana, nu aya mah ditangtukeun ku Pamaréntah Puseur,” pok Prof Ganjar.
Leuwih lengkepna ieu kasapukan jeung kamandang teh ditamperkeun dina bentukririsan lima tuntutan hasil tina musawarah ka hiji MMS di Gedung 2 lt 4 Unpad Jl Dipatiukur No. 5 kamari
Layang Tinimbangan
Mejelis Musyawarah Sunda (MMS) nyaéta kaukus inisiatif ti Masarakat Sunda anu nganjrekna téh di Provinsi Jawa Barat, Banten, jeung Daérah Khusus Jakarta, ngawengku ogé Sunda Pangumbaraan jeung Diaspora Sunda anu dibeungkeut ku komitmen geusan ngawangun Bangsa Indonésia anu weweg pondasi sélér bangsana (suku bangsa). Visi Majelis Masyarakat Sunda nyaéta “Sunda Mulya Nusantara Jaya”, nu mangrupa hasil réfléksi ti dua urang inohong Sunda: Oto Iskandar di Nata sareng Ir. H. Djuanda Kartawijaya, nandeskeun yén dina Kabhinékaan Indonesia téh Sélér Sunda mah hayang jadi sélér bangsa anu mulya (nu bisa ngajénan dirina sorangan sarta dipiajrih ku sélér bangsa lianna) jeung kawujudna Indonésia anu merdéka, ngahiji, boga komara, adil, jeung makmur malar raharja salawasna.
Pangwangunan nasional minangka wujud ngalarapkeun ajén Pancasila, moal tinekanan kahontal upama leupas tina tradisi kabiharian sarta kasajarahan séké sélérna, kahasan sosial-budayana, poténsi sumber dayana, jeung karakteristik rohang hirupna. Sinanglingan budaya minangka hasil interaksi antarélemen asal-usul sélér bangsa jeung kadaérahan téh lir madu dina botol anyar nagara-bangsa Indonésia, kacida hanjakalna upama nepikeun ka dimomorékeun téh.
Pasal 32 Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonésia Taun 1945 (UUD 1945), boh vérsi aslina boh beunang nyarungsum, nétélakeun ngeunaan ayana jaminan kabébasan pikeun masarakat anu ngamumulé jeung ngamekarkeun budayana, kaasup tarékah ngamulyakeun basa daérah, sarta sadareun yén puncak-puncak kabudayaan daérah téh minangka pondasi kabudayaan nasional. Pasal 18 UUD 1945 ogé nandeskeun yén nagara ngaku sarta ngajénan kana beungkeutan masarakat hukum adat kalawan hak-hak tradisionalna, jeung dina Pasal 18 UUD 1945 Amandémen ditandeskeun ngeunaan Pamaréntah Provinsi sarta Kabupatén/Kota boga hak otonomi keur ngatur jeung ngurus ku manéhna sorangan anu saluyu jeung aturan. Katangtuanana téh patali usaha kabudayaan jeung tarékah ngamekarkeun adat kadaérahan kudu luyu jeung prinsip Nagara Kesatuan Républik Indonésia, ogé kudu ngutamakeun adab, budaya, jeung guyub kalawan tinimbangan henteu ngabaékeun kana perkara anyar anu jolna tina kabudayaan deungeun, nu boa-boa bisa ngamekarkeun jeung ngabeungharan bangsa sorangan, sarta bisa leuwih ngangkat harkat darajat bangsa Indonésia.
Tarékah ngawangun nagara-bangsa Indonésia nu sakieu legana, sarta anu réa jeung sakitu ragem jelemana, kurang hadé upama dikokolakeunana ku cara séntralistik, komo deui dibarung ku ayana dominasi hiji kelompok nu nyekel kakawasaan, golongan jeung daérah, kritik keur séntralisme ieu téh jadi kacapangan sawatara inohong Sunda: “Indonesia téh lain (ukur) Jakarta”, mana komo Jakarta sacara sosiologis jeung historis mah apanan kasebut hiji wewengkon bati paméré ti urang Sunda pikeun ngokolakeun persatuan jeung kesatuan nasional nu berkeadilan (justly governed).
Pangwangunan nasional kudu dimekarkeun pikeun tarékah persemakmuran babarengan kalawan sumanget gotong-royong, anu ngalibetkeun partisipasi sakabéh rahayat, golongan, jeung daérah sacara inklusif.
Kawijakan déséntralisasi jeung otonomi daérah kudu disurahan minangka cara ngawangun Indonésia ku nguatan pondasi partisipasi sarta kapasitas daérah, leuwih ngadeukeutkeun pelayanan publik ka balaréa di daérah, jeung mahing ngamuseurkeun pangwangunan di hiji wewengkon.
Demi ngawangun daérah-daérah di Indonésia téh kudu inklusif tanpa aya panta-panta sarta kudu adil; ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak; henteu ngantep pangwangunan anu ngaruksak, sok komo ngabaékeun daérah séjén mah.
Dina rarancang garapan Musyawarah Majelis Musyawarah Sunda I (mimiti), lian ti ngurus masalah internal kaorganisasian, réngréngan Pinisepuh, Déwan Pakar, jeung Badan Pekerja Majelis Musyawarah Sunda, sabada Musawarah Pinisepuh jeung Présidium Pinisepuh netepkeun, sawatara tinimbangan keur masyarakat Sunda ogé Pamaréntah Puseur, Provinsi jeung Kabupatén/Kota patali jeung “Sunda, Sarakan, jeung Nagara” (Sunda kepada Tanah Airnya dan Kepada Negaranya), nyaéta:
1.Majelis Musyawarah Sunda ngadorong digelarkeunana Pemilu Daerah Serentak Sacara Langsung (Pilkadal), hususna di Tatar Sunda (Jawa Barat, Banten jeung Daérah Khusus Jakarta) nu ngandung ajén luhung, unggul martabatna, jeung boga integritas (démokrasi substantif) anu dipiharep ngahasilkeun kapamingpinan wilayah jeung daérah petingan geusan ngahontal wilayah jeung daérah Tatar Sunda anu “Gemah, Ripah, Répéh, Rapih”, “kuat iman jeung taqwana” sarta “raharja”.
2.Dina raraga nyanghareupan kapamingpinan anyar nu diluluguan ku Prabowo jeung wakilna, nu baris diistrénan 20 Oktober 2024, nu dina kaayaan kiwari keur réa dodojana, Masarakat Tatar Sunda ngingetan sangkan kudu ngajadi Pamaréntah nu teuneung jeung adil, sabab ari adil téh apan deukeut jeung takwa, ngan ku teuneung jeung sikep adil mangka sakur pasualan bangsa titinggal saacanna téh bakal bisa diungkulan, saperti ku cara nyerek nu korupsi, mémérés dikokolakeunna keuangan nagara pikeun anu teu bener ngokolakeunana, ngalelempeng maksud pangwangunan anu saukur nguntungkan kelompok oligarki politik jeung ékonomi, dikawasana lemah, ngurus cai jeung kabeungharan alam anu dikawasa ku sapersén jelema-jelema nu boga kawasa, jeung ngungkulan dinamika sosial sarta masalah lingkungan hirup nu mingkin nyirorot.
3.Nepi ka danget ayeuna, Provinsi Jawa Barat jeung Banten can ngarasa meunang kaadilan dina perkara Perimbangan Keuangan Pusat jeung Daerah, kiwari régulasina jadi Undang-Undang RI Nomer 1 Taun 2022 ngeunaan Hubungan Keuangan Pusat jeung Daerah, lantaran cara narajuan éta UU Keuangan téh ngitung sabenerna sabaraha jumlah anu dibikeun ku Provinsi Jawa Barat jeung Banten, jeung anggaran nu katampana gé leuwih saeutik ti batan Provinsi Jawa Timur, Jawa Tengah, Sumatera Utara, komo Daerah Khusus Jakarta mah. Dina sistem perpajakan deuih, industri katut pasualanana mah nyampak di Provinsi Jawa Barat jeung Banten, tapi ari pajakna dipimilik ku Jakarta jeung Pamaréntah Puseur, karep kitu téh ngabalukarkeun momot kahirupan masarakat, ari lingkungan jeung masalah sosialna kakarék keur urang Jawa Barat jeung Banten. Ku kituna, Majelis Musyawarah Sunda miharep kudu sagancangna aya percepatan persetujuan pemekaran daérah boh sacara nasional boh parsial pikeun kabupatén/kota di Provinsi Jawa Barat (10 kabupatén/kota) jeung Banten. Undang-undang Hubungan Keuangan Pusat jeung Daérah kudu dikaji deui sacara kompréhénsif sangkan karasa adilna keur sakumna daérah-daérah di Indonésia, sabab kaadilan perimbangan keuangan pusat daerah téh jadi simpay utama pikeun beungkeutan persatuan jeung kesatuan nasional sacara rasional.
4.Pangwangunan nasional jeung régional di Provinsi Jawa Barat, Provinsi Banten jeung Daerah Khusus Jakarta nu masih kénéh karasa jauh tina enas-enasna pangwangunan idéal, nata lingkungan minangka kawajiban utama manusa salaku khalifah fil ards, pikeun ngungkulanana sangkan henteu tambah ruksak balukar musibah alam atawa manusana, ngingetan Pamaréntah Puseur kudu sagancangna ngungkulan kalawan daria dina nata dataran tinggi Bogor-Puncak-Cianjur (Bopunjur), Taman Nasional Pangarango, Gede, Salak, Kawasan Bandung Utara jeung Bandung Selatan, Taman-taman Nasional sarta Gunung-gunung di Jawa Barat jeung Banten séjénna nu kasebut daérah tangkapan air (catchmen area) jeung sirah cai keur Provinsi Jakarta, Jawa Barat jeung Banten sarta mahing banjir di Jakarta jeung Pantura, lain ku cara ngantep ngajadikeun puseur éksploitasi keur para kapitalis nu boga kakawasaan kana tanah kalawan konsép Kawasan Aglomérasi.
Majelis Musyawarah Sunda nungtut kudu dijieunna peraturan perundang-undangan anu partisipatif jeung kompréhénsif, sabab upama nyoko kana kaarifan lokal mah geus ditandeskeun “Gunung teu meunang dilebur, Lebak teu meunang diruksak; pendek teu meunang disambung; lojong teu meunang dipotong, nu lain kudu dilainkeun, nu ulah kudu diulahkeun, nu enya kudu dienyakeun” (Gunung tidak boleh dihancurkan, lebak tidak boleh dirusak, pendek tidak boleh disambung, panjang tidak boleh dipotong, yang bukan harus dikatakan bukan lain, yang tidak boleh dikatakan tidak boleh, yang seharusnya harus dikatakan seharusnya).
5. Majelis Musyawarah Sunda sapuk pikeun nolak Undang-undang Nomer 2 Taun 2024 ngeunaan Daerah Khusus Jakarta BAB IX: Kawasan Aglomerasi Pasal 51-60, anu ngawengku minimal wilayah Provinsi Daerah Khusus Jakarta téh Kabupatén Bogor, Kabupatén Tangerang, Kabupatén Bekasi, Kabupatén Cianjur, Kota Bogor, Kota Dépok, Kota Tangerang, Kota Tangerang Selatan jeung Kota Bekasi. Undang-undang Provinsi Daérah Khusus Jakarta disusunna wawayagon, sabab gurung gusuh téa, urang Sunda tara dibéré warta ngeunaan naon tinimbangan perkara éta aturan, teu dihiap sacara démokratis, nu kuduna mah dilakukeun sacara tartib jeung tanggung jawab.
Éta kawijakan Kawasan Aglomerasi kontradiksi jeung Pasal 18 UUD 1945 nu mana daérah-daérah otonom nu aya di Tatar Sunda (Jawa Barat, Banten, Jakarta) teu boga hak deui ngararancang wawangunan wilayah/daérahna luyu jeung karakter wilayah sarta budana, nu aya mah ditangtukeun ku Pamaréntah Puseur.
Demi kesatuan jeung persatuan bangsa, urang Sunda nungtut sangkan Pamaréntah Puseur mangsa Pamaréntahan Prabowo jeung wakilna taun 2024-2029, medalkeun aturan nu ngaganti undang-undang, pikeun ngabolaykeun Undang-undang jeung Kawijakan éta Kawasan Aglomerasi.
Sakitu anu kapihatur ngeunaan layang tinimbangan pikeun masarakat Jawa Barat, Banten, Daerah Khusus Jakarta, minangka tanggung jawab moral jeung inteléktual ti Majelis Musyawarah Sunda.
Pakéna Gawé Rahayu, Pakéna Kerta Bener, Pakeun Tanjeur na Juritan, Pakéna Gawé Rahayu Pakeun Heubeul Jaya di Buana. Hatur nuhun.
Bandung, Dipati Ukur 35
Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda
Prof Dr Ganjar Kurnia, DEA
Laksamana TNI (Purn) Dr. Ade Supandi, SE, M.AP, Prof Dindin S. Maolani, SH
Irjen Pol (Purn) Taufiequrahman Ruki, SH
Judul: Majelis Musyawarah Sunda : Tandes Nolak UU No. 2 Taun 2024 Provinsi DKJ Disusunna Gurung Gusuh
Jurnalis: Agung Ilham Setiadi
Editor: AIS